Senin, 04 Juli 2016

SASAKALA GUNUNGDALUNG DONGENG SASAKALA GUNUNGDALUNG Kacaritakeun jaman baheula , aya aki-aki jeung nini tukang kebon, kabeneran ngebonna di tempat ayeuna nu disebut Gunungdalung.



SASAKALA GUNUNGDALUNG
DONGENG
SASAKALA GUNUNGDALUNG
Kacaritakeun jaman baheula , aya aki-aki jeung nini tukang kebon, kabeneran ngebonna di tempat ayeuna nu disebut Gunungdalung.
Kacaritakeun aya aki-aki jeng nini tatahar rek nyieun pikeboneun, dina eta pikeboneun manggih batu  nu rada gede eta batu ayana di puncak pasir nu rek dicacar. Eta batu dipindahkeun ka tempat nu lain ka belah  lebak ku cara digulingkeun ti tongoh kalebak, ngan anehna eta batu najan geus dipindahkeun  tiap ganti poe pindah deui ku sorangan ka tempat asalna, menang sababaraha kali mindahkeun balik deui-balik deui. Aki jeung nini tukang kebon ngarasa aneh ku eta batu, naha eta batu meni ajaib make bias pindah ku sorangan, geus kitu mah eta aki-aki bebeja ka tatanggana nyaritakeun aya batu geus dipindahkeun sok pindah deui-pindah deui ku sorangan ka tempat asalna. Atuh dina waktu harita genjleung nyen di eta tempat aya batu nu bias pindah kusorangan lamun dipindahkeun tempat ku jelema, menika ti waktu harita pabeja-beja yen ditempat eta aya batu aneh.  Eta batu dijaman harita disebut batu sakti da bisa pindah sorangan menika geunjleung eta carita pabeja-beja kamana-mana.
Dina hiji waktu eta batu dititenan ku para tokoh jeung masarakat nu aya di sabuderenana, jiga kumaha eta bentuk batu nu bisa pindah tempat teh, sanggeus dititenan ku balarea eta batu bentukna peresis kawas kastrol nu badag, baheula mah disebut nateh dalung. Ti harita eta tempat disebut Gunungdalung da tempat aya na batu di tempat nu bentukna masir kos gunung, nepika ayeuna di sebut Gunungdalung.
Mung sakitu nu kapihatur clag-clagan sajarahna tempat nu disebut Gunungdalung.
Dicutat ti carita rakyat
Karya SDN Gunungdalung
25 Januari 2015

SDN GUNUNGDALUNG Wilujeng Sasih Siam Kanggo Rerencangan Kulawargi dimanawae ayana. Neda sih hapunten samudaya kalepatan nu dihaja sinareng henteu. Mugia ibadahna salawasna aya dina kamulyaan.



SDN GUNUNGDALUNG
Wilujeng Sasih Siam
Kanggo Rerencangan Kulawargi dimanawae ayana.
Neda sih hapunten samudaya kalepatan
nu dihaja sinareng henteu.

Mugia ibadahna salawasna aya dina kamulyaan.


Ngahaturakeun wilujeng boboram siam 1 syawal 1437 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam

Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam 1437H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan

Sugrining runtah kalepatan dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam 1437 H
Taqobalallahu minaa waminkum

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”
Wilujeng Boboran Syiam 1437H

****************************************

Kedaling rasa nu pinuh ke bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari.
Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu
Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Siam 1437 H
__________________________________________________

Wilujeng boboran siam 1 syawal 1437 H. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan. Minal Aidin wal Faizin.

Urang palidkeun kapeurih ka sagala asih, urang lokat kalepatan ku tirta ning rahmat, urang sulam kembang kanyaah ku sutra hampura. wilujeng boboran siam 1437H.